Nyaman tanpa iklan. Langganan BisnisPro

Bang Jasmin: Apa yang bikin suara hape tak terdengar?

Hape teu kadangu

Hape teu kadangu Kadangu tapi suanten abdi teu k dangu ku nu d tlp. naon panyakit na ny kang? terus upami d omean sabarahaeun? upami d tasik kmana nyervisna? kang peryogi randa teu? di antos waleranna.. (083827075xxx) Om bengkel menjawab: Suara itu kadangu ku urang tapi suara urang teu kadangu ku itu? Boa boa ituna anu torek? Atawa emang silaing jempe teu ngomong nanaon? Nya puguh moal kadangu kubatur. Lamun hape manggihan kasus teu bisa ngomong alias budeg, tong hariwang! Tinggal genti microphone hape cenghar deui, bisa ngecoblak deui. Tah lamun masih keneh bingung rek dibawa kamana? Apan di Tasik loba tukang las ketok, tinggal bawa. Iyeu mah yeuh sagala randa ditawarkeun, cing geus dipake sabaraha lila? Garansi keneh teu? Kumplit keneh? Dus, buku cable data jeung charger? Lamun batangan mah pasti hargana oge jatuh/setengah harga, komo deui geus pernah dibongkar atawa genti2 chasing hahaha. Beli BB nu mirah Bang ai bade meser BB anu mirah dmana ? Hehe Di antos waleranna (085720418xxx) Om bengkel menjawab: BB? maksud loh? Baso buled, bau badan, bawang bombay, bandung berhiber, banjir bandang? Atawa naon iyeu teh? bingung euy. Hey bapak2 ibu2 ujang nyai, ceuceu akang, emang bibi, nin aki, ari harga hape bekas mah kumaha kondisi barang, kumaha kelengkapan, kumaha lokasi, wilayah atawa daerah tempat anu ngajual hape. Jadi murah heunteuna harga hape moal bisa dipatok ka saurang saurang, makin mulus kondisi barang otomatis leuwih mahal hargana. Kitu oge mun kondisina kurang mulus nya otomatis hargana oge rada leuwih murah dibandingkeun di tempat sejen ok.


Cek Berita dan Artikel yang lain di Google News dan WA Channel

Penulis : Newswire
Editor : Newswire

Topik

Bisnis Indonesia Premium.

Dapatkan informasi komprehensif di Bisnis.com yang diolah secara mendalam untuk menavigasi bisnis Anda. Silakan login untuk menikmati artikel Bisnis Indonesia Premium.

Artikel Terkait

Berita Lainnya

Berita Terbaru

Nyaman tanpa iklan. Langganan BisnisPro

Nyaman tanpa iklan. Langganan BisnisPro

# Hot Topic

Nyaman tanpa iklan. Langganan BisnisPro

Rekomendasi Kami

Nyaman tanpa iklan. Langganan BisnisPro

Foto

Nyaman tanpa iklan. Langganan BisnisPro